Untuk edisi kali ini, Buletin Quba akan memposting tulisan berbahasa Sunda dengan judul Opat Perkara (Empat Perkara). silahkan disimak.
Dina
poe juma’ah ping 9 Januari 2015 simkuring Kapancenan tugas ti PJ. Pemudi Persis
Cibeureum kudu maparin Tausyiah pikeun ngeusi Ta’lim rutin anu biasa
dilaksanakeun sabulan sakali, dina raraga ngeuyeuban elmu pangaweruh sadaya
anggotana, khususna dina widang elmu Agama, anu ieu perkara teh kacida pisan
pentingna lain mung wungkul pikeun anggota Pemudi Persis Cianjur tatapina
kaasup keur urang sarerea salaku umat Islam.
Wayahna
hayang teu hayang kudu kokoreh pikeun nyiapkeun bahan materi tepikeuneun,
nalika keur kokoreh manggih hiji buku judulna “Bekel Dakwah pangdeudeul pikeun
para ‘Dai” karyana pun guru Al-Ustad H.M. Sayub Sayidin, S.Th.I ti Cimahi.
Eusina mundel pisan sarta bisa jadi bahan referensi pikeun para Da’i oge Umat
Islam umumna. Ana kitu aya hiji judul anu matak sim kuring kataji, nyaeta
“KUSABAB IMAN JADI AMAN”, nalika maca eta judul teh meni asa katarik ati kacantel
hate kapincut kalbu, duka pedah sapagodos reujeung kayaan jaman dina wangkid
kiwari?,.
Wiwitan
Al-Ustadz maparin pangjajap eta judul ku kecap-kecap anu kacida endahna pami
dina istilah sunda na mah Murwakanti matak genah tumaninah kana manah nu
macana. Kieu pibasaeunana :
“Alatan syukur
hirup makmur. Kusabab iman nagara bisa aman. Lantaran daek ngadu’a jeung aya
jalama anu ngadu’a, siksa teu tumiba. Kumargi remen istighfar, hate jembar.
Komo lamun beurat beunghar. Aya opat rupa anu bade dipedar. Mugia jadi ubar.
Jadi obor. Malah mandar jadi bahan kasalametan tur katengtreman. Saupama eta
sadaya kapibanda, Insya Allah gaduh sampeureun aya arep-arepeun. Kumargi janji
Ilahi pasti bukti. Kuayana eta muga hirup mampu syukur kana nikmat nu teu
kaukur ku catur. Hate janglar ku istighfar teu humandeuar ngan ngandelkeun kana
kadar tapi kersa balangsiar. Yakin ati kanu nyangling beurang peuting, ... Ya
Allah Rabbul ‘Izzati tsabbit aqdaamanaa wan shurna ‘alal qaumil kaafiiriin.
Jadikeun ieu hamba nu taya tangan pangawasa mibanda akhlak nu mulya, sariding
dumadi sarengkak saparipolah pikabitaeun deungeun-deungeun.”
Kasebat dina pangjajap diluhur yen aya
opat perkara anu bakal dipedar di dadar sarta diguar dina sajeroning eta judul.
Nyandak katerangan ti salah saurang Tabi’in[1]
anu katelahna Makhul :
قَالَ مَكْحُوْلٌ مِنَ التَّابِعِيْنَ : أَرْبَعٌ مِنْ كُنَّ فٍيْهِ
كُنَّ لَهُ وَ ثَلَاثٌ مَنْ كُنَّ فِيْهِ كُنَّ عَلَيْهِ, فَاللأَرْبَعُ الاَّتِى
لَهُ : الشُّكْرُ وَالْاِيْمَانُ وَالدُّعَاءُ وَالْاِسْتِغْفَارُ.
“Makhul salahsawios
Tabi’in sasauran : “Aya opat perkara, sing saha anu opat perkara aya dina dirina,
eta anu opat rupa jadi kahadeanana pikeun dirina. Jeung aya tilu perkara, sing
saha anu eta tilu perkara aya dina dirina. Jadi tanggung jawab manehna. Anapon
anu opat perkara teh nyaeta : Syukur, Iman, Do’a jeung Istighfar.”
Anu kahiji Syukur, aya ungkapan dina status bbm ki dulur (mafhum
keur ngajamur media sosial) “bukan karena bahagia kita bersyukur tapi karena
bersyukur kita bahagia” meureun
pihartieunana mah lain keur meunang kabungah wungkul urang syukur ka Rabbun
Ghafur tapi sabalikna urang kudu salawasna syukur sangkan meunang kabungah anu
lain ngan sakur di dunya tapi parat tepi ka akherat eta kabungah anu
dilantarankeun syukur teh. Sok komo leuwih anteb deui saupama ningal kana
dawuhan Alloh SWT dina Al-Quran surat Ibrahim ayat ka 7
øÎ)ur
c©r's?
öNä3/u
ûÈõs9
óOè?öx6x©
öNä3¯RyÎV{
(
ûÈõs9ur
÷Länöxÿ2
¨bÎ)
Î1#xtã
ÓÏt±s9
ÇÐÈ
Jeung
sing inget nalika Pangeran anjeun ngabewarakeun; “Saestuna
lamun seug maraneh maluji syukur, pasti ku kami ditambahan eta kanikmatan ka
aranjeun, tatapina lamun seug maraneh inkar (teu daek syukur) kana nimat ti
kami tanwande saestuna ‘adzab Kami kacida
peurihna".
Jentre pisan Allah maparin katerangan
dina dawuhan Mantena, anu intina daek syukur ditambahan tah eta saniskara
kanikmatan sabalikna ari ngadon kufur mah ditambahan ku ‘adzab anu kacida
peurihna, peurihna ‘adzab Allah tong dibayangkeun ciga peurih ka keureut ku
peso seukeut tapi leuwih ti kitu, hartina moal aya jalma anu sanggup nandangan
siksaan anu sakitu beuratna, pangna kitu kudu jadi perhatian keur urang sangakn
urang salamet tina rupa-rupa ‘adzab boh didunya komo jaga di akherat nya jalana
kudu salawasna syukur ka nu Maha Ngatur Allah Rabbun Ghafur.
Anu kadua Iman, Jaman
anu ku urang karandapan ayeuna, asa beuki rea pisan huru-hara. Meh di
mana-mana, di kota di desa, musibah di saban nagara, di hilir banjig,
mongor-monggor longsor jeung ngegolosor, hunyur-hunyur arurug, batu lamping
ting garuling, beurang peuting rea maling, runtah beuki ceuyah, kumaha
nyangherupanana? Bilih eta rupa-rupa musibah jadi siksa, urang tingkatkeun
kaimanan sadaya warga jeung hayu batur pada syukur ka Rabbun Ghafur nu Maha
Ngatur. Anu di luhur ulah kufur jeung takabur, nu ditonggoh ulah ngan nyokot
keur bongoh”.
$¨B
ã@yèøÿt
ª!$#
öNà6Î/#xyèÎ/
bÎ)
óOè?ös3x©
öNçGYtB#uäur
4
tb%x.ur
ª!$#
#·Å2$x©
$VJÎ=tã
ÇÊÍÐÈ
Allah
moal rek nibankeun siksa ka maraneh saupama maraneh syukur kalawan maraneh
iman, sarengna deui Allah teh Maha nampi kana syukur kalawan Maha Uninga (QS.
An-Nisaa : 147)
Sajaba
ti syukur, perkara Iman ge tangtuna perkara anu kalintang pentingna pikeun
saurang muslim anu umaku pasrah sumerah kana katangtuan Allah SWT. Iman kudu
jadi pondasi dasar dina sagal rupa widang kahirupan, geus puguh ari ibadah anu
sipatna mahdloh mah anu sagalarupana geus dicontoan ku Rasul SAW anu didinya
teu meunang aya ikut campur rarasaan urang, sabab ari ibadah mah lain ku rasa
tapi ku dalil. Nya kitu deui ibadah anu sifatna goer mahdloh satiap kahadean
boh laku lampah, ucapan jeung sajabana salila teu kaluar tina ageman Alquran.
Kaasup dina bab akhlaq ka sasama manusa silih tulungan jeung nu liana dimana
eta perkara-perkara teh nu jadi dadasarna dilantarankeun Iman, mangka nya amal
sholeh kasebutna. Tapi sok sanajan hade ibadahna, barang bere tara kaliwat
upama lain iman nu jadi dasarna mah teu bisa di sebut amal sholeh, paling
banter ge ngan sakur amal hade, ari hade can tangtu shaleh contona urang kafir
ge bisaeun milampah amal hade tapi jauh tina kasholehan.
Dina
ayat kasebat diluhur surat An-Nisaa : 147, Iman bisa jadi tameng tina ‘Adzab
Allah SWT anu kacida beratna, lantaran aya keneh nu iman manusa sabudeureunana
bisa aman, lain ngan wungkul jalma iman anu aman tapi anu teu daek iman ge jadi
kabawa aman keur didunya mah, di akherat beda deui urusana. Iman oge bisa
disebut Aqidah pikeun urang, pangna kitu cocok loyog kalawan teu mencog saupama
dina rukun Islam anu ka hiji dimimitian ku Syahadataen (dua kalimah
syahadat) tah ieu pisan anu kudu jadi niat titik awal panginditan saurang
muslim, sabab eta pisan anu dicontoan ku Rasul SAW, mangka kitu dimana aya
manusa anu kumawani ngarobah beh dituna ngotak-ngatik eta dua kalimah syahadat
keuna ku hukum kafir, contona urang-urang Syi’ah anu dina wangkid kiwari
meh-mehan boga kawani leuwih, tapi urang teu kudu gimbir!, kitu oge sabab aya
diantara gegedena anu asup jadi anggota legislatif. Maranehna wani-wani
nambahan eta syahadat jadi tilu, ditambahan ku syahadat ka Ali ra. Padahal Ali
ra. can pernah nitah model kitu. Tah ieu jadi PR Jihad pikeun urang sangkan
bisa mageran aqidah kulawarga, baraya, tatangga beh dituna Nagara urang
Indonesia tina aqidah anu keur didagangkeun ku maranehna. Sabab eta perkara teh
bisa jadi ngarusak kana sagala rupa widang kahirupan umat manusa umumna, tuh
tingali di nagara deungeun (Syiria) maranehna nepikeun ka wani meuncitan urang
Sunni, hartina teu pantes lamun Syi’ah disebut Islam!. Sabab aqidah/
kaimananana geus kaluar tina jalur Alquran jeung Sunnah.
Anu katilu Du’a.
#sÎ)ur
y7s9r'y
Ï$t6Ïã
ÓÍh_tã
ÎoTÎ*sù
ë=Ìs%
(
Ü=Å_é&
nouqôãy
Æí#¤$!$#
#sÎ)
Èb$tãy
(
(#qç6ÉftGó¡uù=sù
Í<
(#qãZÏB÷sãø9ur
Î1
öNßg¯=yès9
crßä©öt
ÇÊÑÏÈ
Jeung
saupama hamba Kaula tumanya ka anjeun
(Muhammad) ngeunaan Kaula, Jawab yen saenyana Kaula kacida deukeutna,
Kaula ngaijabah du’a jalama-jalma anu ngadu’a saupama manehna ngadu’a, pangna
kitu nya maraneh kudu nyumponan (sagala parentah Kaula) sarta maraneh geura
ariman ka Kaula, sangkan maraneh salawansa aya dina bebeneran. (QS.Al-Baqarah :186)
Ieu ayat mangrupakeun runtuyan tina
ayat-ayat Ibadah Shaum, saliwat mah ieu ayat teu aya kaitanana reujeung Ibadah
Shaum, sarta nu jadi patarosan naon pangna Allah SWT. nyempilkeun ieu ayat di
tengah-tengah ayat-ayat Shaum?, naon kaitanana du’a jeung ibadah shaum?. Ana
kitu sabadana ditalungtik geningan kacida lengketna antawis du’a reujeung
ibadah Shaum. Aya kaunggulan pikeun saurang muslim anu nuju ngalaksanakeun
ibadah shaum, boh nu wajib atanapi anu sunnah, diantara jalma-jalama anu pasti
bakal diijabah du’ana sarta moal aya hiji oge hahalang pikeun eta du’a, nyaeta
diantarana jalma anu nuju nglaksanakeun ibadah shaum sajabi ti pamingpin anu
adil jeung jalma anu keur di dzolim (cacak-cacak urang islam urang kafir ge
kaasup, malah sato ge bisa jadi) kitu kasauran Rasulullah SAW din haditsna.
Ari du’a deuih disebatna oge ku Kanjeng Nabi
SAW. “sungsumna ibadah”, cobi emutan kumaha lamun tulang teu aya sumsuan?, kitu
deui ibadah, sadaya ibadah anu dicontoan ku Rasul SAW. Sadayana teu leupas tina
du’a, komo shalat mah kapan sesebutan nu sejen keur sholat teh du’a, sabab dina
sajeroning ibadah shalat anu dimimitian ku takbir nepi ka ditutup ku salam
sadayana teu leupas tina du’a. Kitu deui dina ibadah-ibadah nu sejena. Pangna
kitu teu kaasup sampurna hiji ibadah, malah bisa jadi teu sah, dimana eta
ibadah teh jauh tina du’a. Du’a oge bisa
jadi tolak ukur pikeun saurang hamba dipayuneun Allah SWT., dimana saurang
hamba remen ngadu’a keur kumaha sarta dimana wae oge hartina eta hamba teh
mikabutuh ka Allah sarta ngarasa jeung rumasa yen diri pribadi teh lemah teu
aya daya jeung upaya anging Allah SWT. Anu maparin sagalarupina, kakuatan anu
aya dina awak urang eta teh pamasihan Allah SWT, ngiceupna soca, renghapna hawa
jeung nu sejena sadayana eta pamasihan ti Allah SWT. Pangan kitu urang sadayan
teu kengeng leupas tina du’a, sangakn eta sajumlahning kakuatan jeung kanikmatan
teh salawasna jadi barokah pikeun urang.
Di jaman Rasulullah SAW. Aya salah saurang
sahabat nyaeta Sa’ad bin Abi Waqash anu hoyong jadi jalma anu diijabah du’ana,
nya nalika didugikeun ka Rasul SAW. Anjeuna masihan nasehat, dimana anjeun
hayang jadi jalma anu diijabah du’ana “ مَطْعَمَكَاّطِبْ” jaga kadaharan anjeun!, singhoreng naon
anu dilebetkeun kana patuangan urang teh bakal jadi panyabab diijabah atawa
heunteuna du’a urang, aya barang haram sok sanajan saeutik terus ngajadi daging
dina awak urang baris jadi hahalang pikeun du’a urang sadayana. Pangna kitu
kudu ati-ati dina barangtuang. Malah
digambarkeun do’a teh lir ibarat pakarang perang pikeun jalma anu iman. Ku do’a
bisa nampa pangriksa Allah ‘Azza wa Jalla.
Anu kaopat, Istighfar
$tBur
c%2
ª!$#
öNßgt/ÉjyèãÏ9
|MRr&ur
öNÍkÏù
4
$tBur
c%x.
ª!$#
öNßgt/ÉjyèãB
öNèdur
tbrãÏÿøótGó¡o
ÇÌÌÈ
Jeung teu pisan-pisan Allah nyiksa ka
maranehna saupama anjeun aya dikalangan maranehna, sareng Allah moal nyiksa ka
maranehna (anu doraka) lamun maranehna kersa istighfar. QS. Al-Anfal:33
Anu jadi sababun nuzul ieu ayat rehna
diterangkeun dina riwayat al-Bukhari sareng Muslim anu haditsna ti Anas,
lungsur patali sareng ucapan Abu Jahal, sakumaha diterangkeun din ayat
samemehna, manehna nangtang dihujanan ku batu. Tapi dina riwayat Ibnu Abi Hatim
ti Ibnu ‘Abbas ditetelakeun: Yen jalma-jalma musyrk thowaf di Baetullah
ngucapkeun : “Ghufroonaka ghufroonaka.” Lajeng Allah ngalungsurkeun ayat anu
kasebat diluhur. Ari sanggem Mujahid sareng said bin Juber mah anu nangtang
siksaan teh nyaeta an-Nadlr bin al-Harits.
Diantawis Rahmat sarta hikmah ayana jalma
sholeh sapertos Rasulullah saw diantara maranehna , eta henteu disiksa. Nu jadi
sabab nyaeta gara-gara padumukanana salembur sareng anu syukur. Jadi weh kabawa
makmur. Lantaran sadesa jeung nu taqwa, warga doraka di dunya bisa waluya.
Kuayana eta maranehna kuduna mah nganuhunkeun, lain malah kalah nyuriga,
ngarencana rek ngalakukeun sagala perdaya. Kanu sholeh mah kudu waleh jeung
darehdeh. Sajabi ti eta, ayat ieu ngeceskeun yen sanajan jalama doraka, ari
istighfarna mah dikuping keneh ku anu Maha Kawasa. Nu doraka bae dikabulkeun
pamentana, komo deui jalmi bersih teu loba dosa.
Al-Madaa-ini, nyanggemkeun yen salahsawios
‘ulama sasauran kieu;’Aya jelema ti kalangan urang arab di zaman Kanjeng Nabi
saw, manehna hirup royal jeung sok leuleuwihan. Kituna teh bari teu ngarasa
dosa. Saparantos Rasul saw pupus, manehna ganti pakean make baju bulu domba
(jadi saderhana). Manehna babalik pikir ngutamakeun ajaran agama kersa qurban,
nya disaurkeun ka eta jalama:”Lamun maneh kitu laku b aheula nuju jumeneng
Rasulullah saw, tanwande Rasul bingaheun pisan, “ Walon eta jalma: “Bareto mah
kaula boga dua kaamanan. Jaminan kaamanan anu kahiji geus leungit, tapi nu hiji
deui mah teu leungit. Hal ieu pidawuh Allah : Allah moal nyiksa ka maranehna
saupama anjeun aya di kalangan maranehna. Ieu kaamanan anu kahiji. Sarta ari
anu kaduana Allah moal nyiksa ka maranehna (anu doraka) lamun maranehna kersa
istighfar.
Ibnu Abbas nyaurkeun :
Ditengah-tengah maranehna aya dua kaamanan :
Nabiyullah sareng istighfar. Anapon ani Nabi saw parantos lastari, sdengkeun
istighfar mah tetep aya dugi ka poe kiyamah.
Aya oge anu nyaurkeun yen istighfar di dieu
mah maksadna Islam tegesna jalma muslim, sarta boga anak anu ariman ka Allah.
Tetela, bisa aman soteh kulantaran gaduh turunan jeung lingkungan jalma-jalma
anu iman.
Intina naon anu disebatkeun diluhur ngeunaan
opat perkara anu kacida pentingna dina kahirupan urang sadaya sangakan eta opat
perkara teh tiasa janten payung tina rupi-rupi adzab Allah swt salami di dunya
parat tepi ka akherat jaga. Wallahu
‘alam bi showab.
[1] Ari Tabi’in teh rowi hadits anu sajaman jeung Sohabat.
Ku: M.Miqdam Z.S. S.Kom.I. *)
Nu nulis nyaeta sekretaris ti Hima Persis Cianjur masa jihad 2014-2015